Oleh: rikmadendaz | 7 Januari, 2008

TUNGGUL KAWUNG

Hung…. Ahung

Run tumurun bayu rahayu

Bayu pangancikan hurip

Bayu pangayoman sukma

Bayu mawat kamulyaan

 

 

 

Turun ka bumi ping pitu

Ti mandala mula jadi

Jadi hurip pakumpulan

Di mandala panta-panta

 

 

 

Ngawaruga Jagat Sanga

Gumulung sabudeur awun

Gumati sabumi manik

Mawa uga na waruga

 

 

 

Sir indung Sanghiang peuting

Sir bapa sanghiang beurang

Rasa siji rasa kalih

Rasa katon ing andika

 

Catetan:
Dina Upacara Seren Taun di Cigugur, babarit ieu biasana dikidungkeun saparantosna para tamu lebet ka pendopo (saparantos prosesi ngajayak), sateuacanna doa anu diunjukkeun ku para rohaniwan. Dina runtuyan acara Seren Taun 1940 S kamari, babrit ieu dikidungkeun minangka pamirig Pesta Dadung. Bilih para wargi bade mesek hartos/maknana, sumangga dihaturanan…


Tinggalkan Balasan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Ubah )

Connecting to %s

Kategori

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.