Yu indung urang lagu Bale Bandung
Yap midang ngalalar ka pakarangan
Sing rahayu da awit oge walagri
Sing waluya salembur saeusi bumi
Yu indung urang lagu Bale Bandung
Yap midang kaditu ka saung lisung
Kentrung-kentrung sakentrung arum binarum
Arum tangtung wangi batin ngadalinding
Catetan:
Ieu Kawih dikidungkeun minangka pamirig prosesi nyangking lisung ka panggung utama pikeun nutu. Aya nu bade medar eusi hartosna? mangga….